mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan sok
ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun
komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…
sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami
di sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di
bawa kaimah de tembongkeun ka
pamajikanana.
“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna red.)”
ceuk pamajikan si kabayan.
“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di pegarkeun, di
pilukeun kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti
dinya endog teh di teundeun hareupeunnana bari di taksir.
“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek
ngisikan heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan
di pancuran.
si kabayan cingogo di harudum sarung bari nyanghareupan
endog. budak mah di antep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna
anteng ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….
“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog
deui. umpamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi
boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga
110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki loba. aing
rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba duit. duitna di beulikeun
domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana di jual
kapasar, terus di beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing bakal
loba munding… adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”
keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog ku
pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.
“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh
tenjo si encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”
si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.
“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun ieu
paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna,
bari ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.
mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.
“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”
“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”
“na timana maneh boga munding…?”
“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal si
kabayan
“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna
kacingcalang..” si iteung nambalang
“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon
aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian,
mun teu di gantian di laporkeun ka pulisi..”
“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh bulu-buluna
acan munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan
ngajak balik kapamajikanana.
mitohana gogodeg.
isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana, tina
sapuluh kalapa, si kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan atoheun
pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela
dahan kalapa, teng wae ngalamun.
“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu kana
endog hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna ge
rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog
aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati
domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak
sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu jangkung
tea, aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”
bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh
kalapa.
“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……”
sikabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh
pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong, sikabayan ngoleang
kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa teh sisi
balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu
maot oge.
ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal
kalapa….
0 komentar:
Posting Komentar